diajar moto

BJHPuta-poto mah sabênêrna geus lumayan rada lila, da alhamdulillaah boga kamera teh geus aya taunna, ti mimiti kamera film (najan otomatis) nêpi ka kamera digital (najan deui wae… kêlas amatiran). Di têmpat gawe, karêsêp puta-poto teh kabênêran rada kasalurkeun deuih. Mimindêngna mah nyieun pasfoto keur data kliên, tapi kadang oge dititah jadi tukang poto dina acara-acara husus. Lumayan, motoan di têmpat gawe mah make kamera nu hade, najan carana mah bari masih dirarampa.

Kamari, dua minggu pinuh kuring kapapancenan gawe, kudu ngasisten instruktur dina kursus bioinformatika anu lumangsung di têmpat gawe. Lian ti ngasisten, kuring ge ngahidêngkeun maneh jadi tukang poto dina eta acara, karunya nêmpo babaturan nu biasa jadi tukang poto keur tihothat sorangan nguruskeun materi kursus. Kabênêran, dina dua minggu eta teh bêt ngadadak aya panglongok ti inohong deuih. Nu kahiji urut pêrsiden ieu nagara, nu kaduana mêntri. Kuring kabagean jadi tukang poto pas datangna tamu anu kahiji, pêrsiden RI parêman.

Kakara harita pisan paamprok jonghok teh, da baheula onaman apal soteh tina tipi jeung poto. Dêdêganana leutik tapi lincah, asa taya robahna jeung basa manehna jênêng keneh pêrsiden atawa mêntri jaman Orba. Turun tina kalungguhan anu sakitu luhurna sigana hênteu jadi masalah pikeun manehna mah. ‘Post power syndrome’ mah euweuh dina kamusna… meureun.

Warêg puta-poto, kakara inget hayang nêmpoan hasilna. Lumayan, loba anu teu seukeut, goyang, ngabayang, sabab tetela kuring kurang tatag nyêpêng kamera. Têrus bêt ras ingêt ka wartawan nu oge datang pas pêrsiden pareman ngalongok. Manehna mindêng ngareret ka kuring. Têg teh… sigana mah gara-gara kaganggu ku cara kuring nu juprat-jêpret sakarêpna. Kajeun ah…

2 Comments so far

  1. kumincir on July 30th, 2008

    Duh… Kenapa koq aksaranya jadi begitu..? Tadinya keluar huruf e dengan tanda lengkung di atasnya, sekarang malah robah jadi A dengan tanda gelombang ditambah superskrip a kecil?

  2. Ngariung.com on August 8th, 2008

    heuheu eta mang wordpressna rada lier ninggal huruf kitu mah :P

Leave a reply