Mengharap iba Pertamina…

hampir tiap akhir pekan aku pulang ke anak-istriku

hampir tiap akhir pekan itu pula aku menyaksikan orang sibuk mencari elpiji

kasihan sekali rakyat negeri ini…

kalau memang tidak mampu

kenapa tidak bilang jujur saja

Kami tak mampu layani kebutuhan negeri…

élpiji

Ceuk béja, harga jual élpiji ti Tangguh ka Cina leuwih murah jauh pisan batan harga jual élpiji ka masarakat. Naha nya ber bisa kitu? Naha alatan harga gas alam anu béh dieu beuki mahal, padahal harita pas kontrak mah henteu? Atawa gara-gara baheula (jaman Ibu Méga) dijualna obral besar? Asa teu katampa ku logika. Bisa teu nya rahayat ngagugat, atawa paling henteu natanyakeun, kawijakan anu geus kaliwat ieu? Naon pangna Ibu Méga harita bet wani ngajual murah? Bisa teu nya anjeunna méré jawaban?

palakiah ngaganti imel

1. Buka rekening yahoo

2. Edit member impo, tambahan imel impo ku alamat anyar

3. Buka yahoogroups (groups.yahoo.com)

4. Edit my groups, genti imel adres ku alamat anyar.

diajar moto

BJHPuta-poto mah sabênêrna geus lumayan rada lila, da alhamdulillaah boga kamera teh geus aya taunna, ti mimiti kamera film (najan otomatis) nêpi ka kamera digital (najan deui wae… kêlas amatiran). Di têmpat gawe, karêsêp puta-poto teh kabênêran rada kasalurkeun deuih. Mimindêngna mah nyieun pasfoto keur data kliên, tapi kadang oge dititah jadi tukang poto dina acara-acara husus. Lumayan, motoan di têmpat gawe mah make kamera nu hade, najan carana mah bari masih dirarampa.

Kamari, dua minggu pinuh kuring kapapancenan gawe, kudu ngasisten instruktur dina kursus bioinformatika anu lumangsung di têmpat gawe. Lian ti ngasisten, kuring ge ngahidêngkeun maneh jadi tukang poto dina eta acara, karunya nêmpo babaturan nu biasa jadi tukang poto keur tihothat sorangan nguruskeun materi kursus. Kabênêran, dina dua minggu eta teh bêt ngadadak aya panglongok ti inohong deuih. Nu kahiji urut pêrsiden ieu nagara, nu kaduana mêntri. Kuring kabagean jadi tukang poto pas datangna tamu anu kahiji, pêrsiden RI parêman.

Kakara harita pisan paamprok jonghok teh, da baheula onaman apal soteh tina tipi jeung poto. Dêdêganana leutik tapi lincah, asa taya robahna jeung basa manehna jênêng keneh pêrsiden atawa mêntri jaman Orba. Turun tina kalungguhan anu sakitu luhurna sigana hênteu jadi masalah pikeun manehna mah. ‘Post power syndrome’ mah euweuh dina kamusna… meureun.

Warêg puta-poto, kakara inget hayang nêmpoan hasilna. Lumayan, loba anu teu seukeut, goyang, ngabayang, sabab tetela kuring kurang tatag nyêpêng kamera. Têrus bêt ras ingêt ka wartawan nu oge datang pas pêrsiden pareman ngalongok. Manehna mindêng ngareret ka kuring. Têg teh… sigana mah gara-gara kaganggu ku cara kuring nu juprat-jêpret sakarêpna. Kajeun ah…